ads

ASIH URANG CINTA URANG

Asih urang di apungkeun ka langit
Muntang kana mega
Ucang angge duaan


Asih urang di apungkeun ka langit
Meungkeut dina bulan
Ayang-ayangan duaan


Asih urang ting karetip dina bentang celak
dumalingna cinta
Diapingku jempling peuting
di ayun ku lagu dengkleung
hariring gentra ka tineung
urang duaan


Asih urang kahibaran linduh bulan sirna
cahayana nyinglar kapati sungkeman asih
purnama harepan bagja
natar kahayang laksana
satuhu salalamina

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "ASIH URANG CINTA URANG"

Post a Comment